Carpon Sunda : "Kereteg Manah"
Cahaya bentang pating gurilap, bulan imut
ngagelenyu ninggali kuring keur diuk di jandela kamar bari ngainghak ceurik,
angina ngahiliwir karasa tiis, peuting ieu bet meuni asa endah katempona, tapi
kunaon hate kuring bet meuni asa ripuh, rasa kaambek geus pinuh na ubun-ubun,
kuring haying ngambek tapi teu bias, meureun kusabab kuring awewe jadi naluri
kuring leuwih gede tibatan rasa amarah. Sarebu tanya minuhan pikiran kuring,
naha bet ibu sareng bapa jadi teu ngawidian kuring ngilu pasanggiri eta, teu
pira ngan saukur nulis jeung mikir, asa ku araraneh. Leuheung lamun
diulahkeunnana the mun kuring ngilu pasanggiri model anu gutak gitek di
catwalk, kuring ge rada kaharti mun kitu mah, mung ieu mah aduh… ah pararusing,
dug sek kuring ngarungkup dina simut.
Kongkorongooook….
Tok,tok,tok….
“Teh gugah atos siang” kadenge sora indung
kuring ngagero bari ngetrokan panto, kuring ngaleret kana jam, “Aduh jam
05.00” kuring reuwas, henteu biasana kuring hudang sabeurang kieu kuring
nangtung tur muka panto bari wegah mun kuring keur teu solat jeung sakola
mah mereun kuring moal kaluar ti kamar sapopoe, arek jadi nyi komar we ha,ha.
Kuring kaluar ti kamar tungkul bari jamedud, “Cu, kunaon bageur meuni jamedud
kitu?” pok bapa kuring nanya, kuring ngan saukur imut ngagelenyu bari wegah,
“Neng geulis, ibu mah teu ngawidian teh lain ulah tapi ibu nyaah sieun Neng
kunanaon, apan Neng teh anak nu dipika deudeuh ku ibu sareng bapa jadi
mataksieun lamun aya nanaon mangkaning Jogjakarta teh lain tempat anu deukeut”.
Indung kuring ngadeukeutan bari ramisak ceurik, hal anu teu bias ku kuring
ditempo teh nyaeta nempo ibu jeung bapa kuring ngaluarkeun cimata. Kuring
nangkeup indung kuring tur pok ngomong “Ibu, Neng moal ngiring upami ibu sareng
bapa teu ngawidian mah, hampura Neng tos salah paham ka ibu sareng bapa”.
Kuring ngilu ceurik nginghak “Jung cu, jung bapa sareng ibu ngawidian demi
kasuksesan Neng, doa ibu sareng bapa aya dina tiap langkah Neng”. Kuring
bingah, kuring jangji moal ngecewakeun ibu sareng bapa, kuring pasti berjuang.
* * *
Braaaak… kadenge aya nu ngebragkeun meja
“Nisaaaaa….kerjakeun soal dihareup, ngalamun wae” kuring reuwas, katempo dosen
kuring geus nangtung hareupeun kuring bari melak cangkeng, kuring karek nyadar
yen tadi kuring keur ulin ka hayalan jaman baheula basa kuring SMA, ayeuna
kuring geus jadi panulis, 3 novel jeung 1 kumpulan carpon kuring geus di
publikasikeun jeung meunang respon anu alus ti masarakat. Kuring Annisa, umur
kuring ayeuna 20 taun, kuring kuliah di salah sahiji universitas di kota
Bandung jurusan Sastra jeung Bahasa semester 4. “Nisaaa hayoh kahareup cicing
wae !” dosen kuring ngambek, kuring buru-buru ngajawab bari tungkul sieun “Tapi
pa, kuring teu acan paham” ayeuna dosen kuring ngaleret ka sakabeh murid nu aya
di kelas “Sok, saha anu arek ngabantuan Nisa ngerjakeun soal di hareup?”
tantang dosen eta, jep sakabeh murid jempling “Kuring Pa” ceuk hiji sora ti
tukang, kuring ngaleret ka tukang wahh… saha eta anu arek ngabela kuring,
aya rasa atoh dina hate kuring sabab kuring aya nu ngabela. Sangges kajadian
eta kuring jadi deukeut jeung jalma anu ngabelaan kuring kamari, jalma eta teh
ngarana Sam, biasa di sebut kitu tapi ngaran aslina mah Samuel cenah.
Jadwal kuliah geus beres, kuring buru-buru rek balik tapi pas rek kaluar
gerbang kampus, breeeetttt,, hujan gede jadi kapaksa kuring ngiuhan heula, muga
we hujanna sakeudueng, “Nisa…” kuring reuwas, aya anu nepak taktak kuring, “Eh”
kuring ngereret “Ah, Sam geuning, aya naon?” kuring bingung nempo manehna aya
didieu oge, “Gak apa-apa ko Sa he,he” manehna imut, aduh meuni lucu
katinggalina, aduh kuring mikir naon sih, entong kitu Nisa hayoh istigfar. Sam
lain asli urang Sunda, manehna katurunan Tionghoa jadi teu aneh lamun panonna
rada sipit tur kulitna bodas, manehna can rada bentes ngomong sunda jadi
bahasana sakapeung campuran, Indonesia jeung sunda. Kadenge sora adan
ngumandang kuring niat arek solat heula bari nungguan hujan, “Eh Sam, punten
Nisa bade awoh ashar heula nya ka masjid” kuring ngaleos ninggalkeun Sam anu
katempona rada bingung ngartikeun omongan kuring bieu.
Di mesjid
kampus
“Assalamualaikum wr.wb” astagfirullah, kuring
ngajenghak reuwas pas salam kadua tanda beres solat pameunteu kuring pasangrok
jeung pameunteuna Sam, aduh ti iraha budak ieu di dieu, ;’Haaah, Sam
ngareureuwas” kuring ngagebug leungeunna “Sam terang timana Nisa aya di dieu?
aduh make kadieu sih ieu budak pan ieu mah tempat khusus akhwat” kuring ngomong
bari nyiwit pipina “Aduh Nisa sakit” ceuk manehna bari ngusap pipina nau di
ciwit bieu ku kuring, kuring ngan bisa seuseurian nempo manehna nyerieun,
ha,ha.. “Nisaa kamu lagi apa tadi? Ko pake baju putih kaya pocong aja, hi,hi”
manehna nanya bari ngeleg “Ih Sam, (kuring jamedud) tadi kuring solat, solat
teh ibadah anu wajib di laksanakeun ku sakabeh umat muslim, kin cerita
lengkepna di jalan we nya isin di dieu mah seueur jalmi” kuring jeung Sam tuluy
indit kaluar. Loba pisan pertanyaan anu di ajukeun ku manehna ka kuring soal
agama, kuring malum da kuring jeung manehna mah beda agama, agama manehna mah
keristen.
Lila beuki lila kuring jadi deukeut jeung manehna, aya rasa anu beda dina hate
Lmun kuring ninggali raray na, kuring bingung rasa naon eta, nu jelas rasa ieu
hoyang pisan lamun nempo manehna bagja. Kuring leumpang ka kelas bari ngabogaan
rasa bagja, sabab rek papanggih jeung pujaan hate anu dipikaheman geus saminggu
kuring teu papanggih jeung manehna, sugan we poe ieu mah aya. Satepina di
kelas, kuring lurat-leret ka sakuriling kelas tapi teu katempo anu di
tutungguan teh, ah meureun can datang hate kuring ngabatin. Bet aya rasa
karingrang ngarungkupan. Kaluar ti kelas, kuring buru-buru ka kost an, jarak ti
tempat kuliah ka kost an kuring teh deukeut. Jadi, bisa kalampah ngan saukur ku
leumpang. Rencana na ti kost an kuring rek neang Sam ka imah na, sieun aya
kajadian nu teu dipikahayang nimpa ka manehna, das sms kuring teu di bales,
telepon oge teu di angkat.
Tok,tok,tok…“Punten” kuring ngetrok panto bari ngagero, kadenge panto dibuka
“Iya, eh ini Neng Nisa ya? mari masuk” ceuk nu muka panto ramah, haaaah kuring
reuwas, naha anjeunna nyaho yen kuring teh Nisa apan kuring teu
acan pernah kadie, nyaho imahna ge karek bieu ti babaturan kuring. “Oh
muhun” kuring ngan saukur bisa imut tapi hate mah ringrang maratan langit,
tuluy kuring asup bari olohok waah.. bener ieu teh imah Sam aduh gede pisan
subhanallah kawas istana, “Neng Nisa silahkan duduk, sebentar bibi panggilkan
dulu ibunya” oh jadi eta pembantuna, tapi dangdananna keren kos lain pembantu,
tuluy pembantu eta indit. Teu kungsi lila, “Assalamualaikum” katinggali aya
awewe saumuran indung kuring nangtung di hareupeun kuring “Waalaikumsalam”
buru-buru kuring ngajawab “Oh ini Nisa ya? Samuel sering cerita tentang Nisa,
katanya Nisa baik,cantik, keliatannya Sam sayang sekali sama Nisa, kalau Nisa
gimana sama Sam?” kuring reuwas maratan langit, ieu indungna Sam? Haah.. naha
make kerudung apan keluargana Sam agamana keristen, kuring masih keneh bingung
tur ngajawab “Muhun ibu, Nis age nyaah (jawab kuring bari lingsem) ehm, punten
ibu upami Sam kamana atos 7 dinten teu lebet ka kuliah?” ngadenge pertanyaan
eta indungna Sam cicing, wah aya naon ieu kuring sieun,rasa ringrang balik
ngarungkupan kuring, aya naon? Sarebu tanya jeung kasieun minuhan pikiran
kuring. “Nisa ayo ikut ibu, ada sesuatu yang mau ibu tunjukkan tapi ibu gak
bias bilang sekarang” indung Sam langsung nangkeup kuring, kuring teu ngarti
naon maksudna tuluy indungna pok ngomong “Terimakasih ya sayang” cimata
langsung ngucur ti mata indung Sam. Sam? kamana anjeun?
Sapaparat jalan kuring ngan bisa tungkul sabari maca kalimah kalimah zikir,
sakapeung indungna Sam nyekel leungeun kuring tanda nenangkeun. “Nisa kita
sudah sampai” kuring beunta tuluy luak lieuk kasakuriling tempat eta, naha
indung Sam ngajak kuring ka pasantren kieu, kuring leumpang nuturkeun indungna
Sam, indungna Sam ngetrok ka hiji panto, bray panto eta di buka, kuring olohok
kasengsem “Sam” bener anu diuk eta Sam? subhanallah kasep pisan, manehna make
gamis jeung peci bodas meuni rapih katinggalna, “Nisa” indungna Sam ngagupayan
ngajak diuk ka kuring tuluy indungna Sam nyaritakeun naha Sam bet aya di dieu,
manehna jeung kulawargana ayeuna geus islam, subhanallah kuring bingah kabina
bina, saurna Sam berubah gara-gara kuring, Sam nyaah pisan ka kuring,
kulawargana ge teu nentang basa Sam mutuskeun rek asup islam malah kulawargana
ngilu asup islam.
Di taman kawasan pasantren eta kuring leuleumpangan jeung Sam, aduh kuring teu
kiceup kiceup nempo dirina subhanallah sababaraha kali kuring ngucap kalimah
eta (aduh kuring meuni sungguh terlalu ha,ha) di tengah tengan jalan Sam
ngeureunkeun leumpangna tuluy malik neteup kuring, kuring asa risih di kitukeun
ku manehna “Nisa ayeuna urang tos saagama, Nisa hoyong teu jadi bidadari anu
maturan hirup Sam salilana dunia sarta aherat?” kuring lingsem tanda satuju.
Written
By IFA crpa
Sora Takbir Ngalanglaeu
Pipiet Senja
Peutingan lebaran
di wewengkon pilemburan Depok. Sora
takbir geus ngageder ti beurang keneh, ti keur manehna nguprek di dapur
ngolahkeun asakan. Kupat saukur welasan jeung angeun nangka minangka kuahna.
Daging sapi pamasihan dununganana mah dibistik, da kitu kahayang Anisah.
Pawon
kiwari simpe, imah leutik di tengah kebon awi karasana mingkin rehe. Sanggeus
solat isya, inyana kalah ngangin, sidengdang dina teras. Ret ka palebah kulon,
jalan satapak nu ngembat ti tungtung kebon awi ka imahna marakbrak caang. Duka
ti iraha lampu neon pating baranang di sabudeureun imahna. Padahal, nya saha
anu rek ngulampreng ka palebah dieu? Erte Danih sigana mah, boga pokal nyaangan
lembur dina peuting leubeut ku ampunan.
“Eeeh,
Ema geuning di dieu keneh? Sanes de ngiring ka masjid?” Anisah nyampeurkeun,
jen nangtung hareupeun indung.
“Ema
mah moal ka mamana da,” tembalna halon. Dadak sakala asa aya anu ngagerihan
hatena. Inget kana lalakon hirupna. Meh sataun inyana kudu ngalaman papisah
jeung anu jadi salaki, hirup kadua anakna di pilemburan batur. Kang Iman, mana tega-tega teuing jalma anu
mitenah anjeun… Duuuh, Gusti!
“Takbiran
di bumi oge teu sawios, Ema, malahan husu. Moal aya anu ngabebereg, barudak tea
maraceuh!”
“Iiih,
teu kitu… Ngan ieu mah nyeta haroream ka mamana. Ari Nisah niat ka mesjid mah
henjig wae. Lin rek milu pawey dulag jeung barudak Rohis?”
“Muhun…
Ema kumaha atuh?” Anisah neuteup nu jadi indung. Mojang jekekan, kelas dua SMA
keur meumeujeuhna aktip di masjid. Kapeto jadi pupuhu akhwatna. Sumanget jihad
fillahna ngagegedur mo bina ti bapana.
Saha
anu teu apal ka Iman Wisesa anu kungsi ngageunjleungkeun lemah cai. Mungguh
aheng intrik politik di nagara ieu, gerentesna jadi kasuat-suat deui. Kang
Iman, pagawean purah nunggu masjid, guru ngaji, tukang minyak seungit
ngurilingan kampung. Ujug-ujug dituding sabage teroris, tukang ngabom? Salah saha mun potret teroris teh siga Kang
Iman atuh, salah sahaaa? Heg weh Kang Iman ditibanan hukuman beurat… Ya Alloh,
ya Rob!
“Haaar…
nya teu kukumaha! Barina oge geus kolot, maenya rek miluan pawey, matak
disaleungseurikeun keh!” pokna buru-buru ngabeberah hate, sakuat daya
nyamunikeun sagala kapeurih.
Peuting
ieu mah dipahing juuh cipanon!
Nyeh
Anisah ngabelenyeh, imutna teuing ku nyari. Ceg nyekel leungeun indung,
celengok dicium kalawan deudeuh. “Moal lami da, ieu mah mung de nyumangetan
barudak we… sakedaaap!” cenah samemeh miang, dianteur ku teuteup indung anu
mikadeudeuh tan wangenan.
Gusti
Alloh mah teuing ku Maha Asih, gerentesna sorangan. Sok sanajan kapala
kulawarga dibuang ka Nusakambangan, loba anu mikadeudeuh. Tatangga, babaturan
ngajina jeung barudak rumaja masjid, pangpangna ka Anisah loba naker anu
mikanyaah. Dipikanyaah ku dunungan, tug nepikeun ka nyanggupan ngabayuan sakola
Anisah nepi ka mana wae, cenah.
Teger
hate, enyaan, hirup mah kudu ditawekalan. Kudu istiqomah, apan kitu ceuk Kang
Iman oge. Mawa pikiran kitu inyana ngaringkang, sup ka imah, rek nungguan anak
di jero wae.
“Dungakeun
Nisah, Ema. Nisah hoyong janten mujahidah,” ngajelengeng deui cita-cita anakna.
“Naon
mujahidah teh, Geulis? Ema mah da… esde oge teu tamat.”
“Pahlawan,
Ema… kawas Abah,” cenah mani matak dedengeeun.
Karek
rengse solat subuh basa aya anu gegedor panto. Tibuburanjat, dibarengan ku
Anisah, inyana mukakeun panto. Sugan jeung sugan aya kaahengan. Kang Iman,
jungjunan hate dikaluarkeun ti LP Nusakambangan, dibebaskan tina sagala
tuduhan. Ongkoh taya buktina Kang Iman dalangna bom Bali. Ngaco we tamah, Kang
Iman dijadikeun tumbal nagara adidaya!
“Euh,
patugas ti kapulisian geuning? Aya naon?”
“Iman
Wisesa dieksekusi tengah peuting tadi. Bisi rek mapag layonna,” ceuk Erte
Danih. Sora takbir ngadadak asa ngalanglaeu dina ceulina.
Carpon basa Sunda
Ku: Dadang Sadkar
Sora
piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju.
Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarérét kana érloji. Tadi,
barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya
wé ayeuna mah karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna
kaijir pidatangeun ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal
cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka
Bandung maké Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.
Sajajalan Yuswa
anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun sotéh pédah wé
aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noél kana pingping lalaunan.
“Punya api, pa?”
cenah.
Sakedapan Yuswa
nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana beunang disebut konar. Buukna
modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pédah dicét. Ceulina
dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran
leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung
jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis gambar tanduk banténg. Luhureun
gambar leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna, dicalana
blue jeans belél, soéh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyéntrik
ogé ari rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh sopan pisan.
Kusiwel leungeun
Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari
dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus
udud.
“Makasih, pa,” pokna
“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut
“Makasih, pa,” pokna
“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut
Sugan téh rék ngan
sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.
“Mau ke Jakarta?” cenah.
“Iya.”
“Di Jakartanya di mana?”
“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.
“Mau ke Jakarta?” cenah.
“Iya.”
“Di Jakartanya di mana?”
“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.
“Saya Yuswa,” ceuk
Yuswa ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi
orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa.”
“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”
“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.
“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.
“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”
“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.
“Baruk, naha?”
“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”
“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.
“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.
“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”
“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.
“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.
“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”
“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.
“Baruk, naha?”
“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”
“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.
“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.
Saban poé minggu mah, réngsé solat
subuh téh sok langsung morongkol deui. Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé
geus leuleumpangan. Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon
jagong ki Oleh. Geuning geus leubeut. Geus pada apal kabéh urang dieu mah,
mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu
bogana. Teu jauh tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.
Ka belah kulon, teuteup eunteup di
saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas. Kleung
angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi,
Kokom jeung Lilis di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk
hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag. Panon poé geus ngeteyep rék
nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur
umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Balik ka imah, brus kuring mandi
di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu
ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, ki
Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh
réngsé mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari
nyindir.
“Abong lila bubujangan, mandi gé
lila. Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus remen nu nanya kitu
téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul geus manteng. Mun seug ki
Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah.
Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.
Dijero kamar kuring ngarahuh.
Panon anteng melong eunteung. Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas
lalagasan. Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga
pamajikan téh. Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh. Lain teu payu, geus
aya nu harayangeun mah. Mumun mah, randa Isah mah, Téh Ninih mah, Kokom mah,
Lilis mah, Dedeh mah. Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa,
kuring resep kénéh léléngohan. Lain sieun, lain teu boga biaya. Puguh wé gawé
mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga
mah. Kumaha deui, haté embung baé méréan. Teu bisa dipaksa-paksa.
Kadieunakeun, geus tara aya deui
nu nganaha-naha, iwal ki Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual
kawin mah. Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh. Éta
gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya
iraha kawin. Murang-maring sagala disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak
kajadian éta, urang imah teu wani-wani deui nyeungeut amarah kuring. Sensitip
ngomong sual kawin mah.
Awéwé-awéwé nu mimitina
ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui. Kabéh geus
ngarasa bosen nungguan kuring. Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang
Dadang, urang Majaléngka. Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna
kawin jeung mandor pabrik. Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang.
Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang. Kokom geus pindah
ka Palémbang. Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén. Kabéh gé lus-les
pada néang jalan séwang-séwang, bakating ku cangkeul nungguan jeung miharep
kuring meureun. Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring. Cenah
mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk. Nya ayeuna mah kabéh pada
bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga. Jadi iraha
rék kawin? Teuing atuh!
“Man! Geus siap, Man?!” kadéngé
aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring. Rikat kuring maké
baju. Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék
neangan cokelat di Jatos. Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.
***
Dina angkot kuring amprok jeung
Darmaji, babaturan és ém pé. Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan
téh ngawangkong. Manéhna geus boga budak hiji. Cenah kawin jeun urang
Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida. Kuring inget
kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Béja mah rék ka Lilis?” kuring
kerung. Darmaji malik kerung.
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran “Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring. Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring. “Lilis teu nyarita?”
“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna
mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di Bandung.”
Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.
“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik
Dedi?” Darmaji nanya.
“Naon?”
“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah
tangga jeung ilaing. Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén manéhna rék satia
nungguan ilaing. Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja
kamari-kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”
Leng pikiran asa rinyay
ngadéngéna, nyéah kana jero dada. Di Cikuda Dedi turun. Baku poé minggu mah
di jalan téh sok macét. Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar
liwat rék ulin ka pasar mingguan di Unpad. Panon poé geus karasa panas. Hawa
beuki bayeungyang. Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh. Baruk Lilis
nungguan kuring?
Sajeroning macét, supir ngarti.
Manéhna nyetel kasét dina tip mobil. Kadéngé haleuang tembang sunda. Ari ti
mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik-eutik acan, jiga nu nyeri
huntu. Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah.
Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan. Deng tembang marengan
panineungan nu teu karasa kumalayang. Haleuang tembang karasa kana puhu
kalbu…
asih urang…
diapungkeun ka langit muntang kana mega ucang-angge duaan…
asih hurang…
dipentangkeun ka langit manteng dina bulan ayang-ayangan duaan…
asih urang…
tingkaretip jiga bentang1 …..
Ser haté nu simpé dumadak haneut
ngadéngéna. Tembang bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay garingna
rasa. Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta.
Kumalayang haté sajongjonan. Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong
pikir, tapi sakapeung hariwang teu puguh. Kuring ngarérét ka ki Dudus nu
titatadi teu usik-usik. Bet haté sakapeung ngarasa keueung. Enya, Dedi gé
ditampik bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring. Teuing geus sabaraha
taun. Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui
tembang anyar tina tip…
…..
hate ngarasa geugeut hayang geura geura deukeut rasa liwung gandrung diri kapidangdung semu ngalanglayung hayang geura geura tepung
sawangan kumalayang
ngawang-ngawang
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna implengan gumalindeng anteng mayeng namperkeun rasa katineung kadirina
harepan geus jadi ampihan rasa
moal laas najan anggang jeung manehna2 …..
Bener kitu Lilis masih kénéh
kangen ka kuring? Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian? Bener ceuk
Darmaji, kuring téga nganyeunyeuri manéhna. Sok jadi hanjakal geus kasar ka
Lilis. Kuring nu kungsi kasar ka manéhna. Kuring nu kungsi nyentak manéhna.
Babakuna teu ditari teu ditakon unggal manéhna nganjang ka imah. Geuning
Lilis mah tetep satia, tetep miharep. Teu karasa tembang dina kasét ganti
deui…
….. dina lambaran katrésna aya ringkang can kasorang diri kapidangdung dipapareng kuciptaan liuh gumulung kahéman mugia nyorang kabancang
sumerahna ieu diri
tumarima demi cinta najan diri kudu nandangan tunggara najan ukur saliwatan najan ukur sakedapan abdi pasrah moal robah pamadegan…3 ….. Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu
sieun datang ka imah gé. Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Lilis.
Kabéh sieun ku ambek kuring. Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual
kawin, sual Lilis. Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring,
ngusapan haté kuring.
“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh
kalahka ngaharuleng” supir nakol kaca panto meupeus lamunan. Kuring jeung ki
Dudus ngarénjag reuwas. Tuluy silih pelong. Geuning sarua jeung kuring,
sihoréng simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun, poho rék eureun
di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.
***
Sajajalan kasét digeder, béak
diputer deui, béak diputer deui. Teu eureun-eureun. Atuh kuring gé nepika
apal. Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan
hayang tuluy ngadangukeun tembang. Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi.
Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita. Simpé. Ukur sora mesin mobil. Ukur
haleuang tembang. Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan manteng ka
Lilis. Tibaheula manéhna nungguan kuring.
Teu karasa balikeunna mah gancang,
geus tepi deui ka Tanjungsari. Can ge lila turun tina mobil, supir
ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”
Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru
balik. Inget ka si Nini cenah. Antukna kuring leumpang sorangan. Sajajalan pikiran
ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah. Haté norowéco ngarasa
diturih wanci nu can pasti. Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang
luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…
Di imah, kabéh keur kumpul.
Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah. Aya bubuahan dipiringan
deukeut panto.
“Aya sémah, Mah?” kuring nanya
bari muka jaket. Jempé sakeudeung.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Rék kamana deui, A?” indung
nanya. Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.
“Mun sakirana rék nganyeunyeuri
manéhna jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.” Ceuk indung kuring semu
beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon. Haté kuring ngdadak héab.
Simpé sajongjonan. Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring.
Rénghap kuring karasa heureut. Gancang kuring kaluar, gidig leumpang
gagancangan…
Sajajalan dada karasa beurat.
Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…
lamun enya jodona lamun enya kuduna moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya cintana
lamun enya hayangna ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4
Katémbong tikajauhan Lilis rék
balik meuntas sasak. Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada
karasa mingkin heureut. Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.
“Lilis…”
Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok
jeung kuring. Sakeudeung silih teuteup anteub. Lilis ngeluk tungkul, jiga nu
teu wasa paadu teuteup jeung kuring. Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu
asa-asa nyekel leungeun Lilis. Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté
Lilis ayeuna. Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru saung. Sajajalan nu
kadangu ukur sora manuk. Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur
leutik. Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring. Lila
paheneng-heneng. Duaan pabetem-betem. Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong
naon. Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan. Duh, Lis, geus
lila teu tepung. Angin karasa humaliwir. Kuring jeung Lilis silih teuteup.
Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.
“Lis, hapunten Akang, “ pok téh,”
Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening. Kuring teh gening teu
bisa hirup sorangan…” ceuk kuring halon. Lilis neuteup panon kuring. Duh,
bulu panonna mingkin carentik baé. Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara
satia nungguan haté kuring léah tumarima. Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh
jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.
“Lilis bakal satia salawasna…”
pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik. Cipanonna nyakclak kana leungeun
kuring. Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada. Cipanonna beueus karasa
dina dada kuring.
“Horeeee!!!” kadéngé aya sora nu
kareprok tukangeun saung. Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng. Reuwas naker.
Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru saung. Nyi
Mimin, adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu
bungah. Ki Oleh ajarg-ajragan atoh. Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy
Lilis imut ngagelenyu.
“Man, ilaing jadi rék kawin jeung
Lilis téh?” ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling. Kuring neuteup Lilis
sakeudeung. Lilis imut surti. Kuring unggeuk. Sakur nu aya didinya kabéh
keprok deui. Ki Oleh ajrag-ajragan. Indung kuring ngagabruk Lilis jeung
kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah. Indung kuring nangtung bari
nyusutan cipanon. Teu eureun-eureun syukur ka Gusti. Duh, gening salila ieu
téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh
diri sorangan…
Kuring jeung Lilis silih teuteup
geugeut. Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh. “Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.
“Ilaing mah Oleh baku sok maén
sengsor waé!” ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan
ngadéngé aki-aki silih haok. Lilis tungkul bari imut manis. Saung jadi
saksina. Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan
estuning katingalna mani geulis…
|
Carpon Onyet
Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.
Jol pamajikanana, diuk gigireunana.
“Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak, can gaduh wiwaha”.
Kang Sabri ukur ngarérét ka pamajikanana, terus neuteup ka jauhna. Jung nangtung, babatek awak.Kang Sabri nitah pamajikanana nyokot sapatu olah raga.
Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan komplék imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu ngarti ka budak, bener budak mah can boga wiwaha, komo ieu kakara umur tilu taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé.
Kabisana kakara diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah, ruwal rawél kana naon baé nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak mah can boga wiwaha.Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi Amah?
Asa mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah téh ukur badega di imahna, asa pamohalan nepi ka kudu ngomongan budak nu teu pararuguh mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.
Kang Sabri téh boga budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé awéwé, kakara kelas lima SD. Nu bungsu lalaki, umurna kakara opat taun jalan. Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua téh, ngan hayang lalaki, kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak umurna gé rada ganjor jeung lanceukna.
Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan nérékél najan kakara kasubdin di pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan, indit subuh datang peuting téh enyaan. Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé kantoran. Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW, osok rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si bungsu nu leutik kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang Ciawi Tasik wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh, malah geus teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge dititah nyebut Enin, nenehna tina nini.
Kang Sabri ngemprid lumpat, ngurilingan taman di komplék imahna. Mimiti mah diajam hayang bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh. Tapi budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah ceurik bari montel ka indungna. Haté kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka budak. Budak téh tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa nyebut ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu bungsu ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro digeroan, dalah dideukeutan gé budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan ari batur mah budak lalaki jeung bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih kélékéték téa. Ieu mah éstu siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah teu bauan, malah ku batur mah sok disebut wanter. Atuh jeung lanceuk lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut tétéh, bari rada cadél téa. Ka lanceuk nu panggedéna sok ménta dipanggambarkeun lauk emas atawa guramé, da karesepna kana lauk cai. Mun dahar jeung lauk emas atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.
Sadar kana karumasaan sok tambélar ka kulawarga, kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré sok ngusahakeun aya diimah, ambih bisa babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan kaliwat, ngan can kaciri aya hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé Saptu ayeuna. Bagja temen mun bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak, meuli surabi sisi jalan atawa meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari gogonjakan, sakalian mépés késang.
Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang, bari rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur olah raga, dalah keur mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa, kadu tos dikintun opat puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu nelepon.
“Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK apaleun, ganti ku istilah guramé”
“Siap pa, asal proyékna nu sanés kénging deui ku abdi”
“Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari nutup hapéna.
Kang Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa bungangang, bari nyusut késang nu mimiti renung dina tarangna. Aya dua kuriling deui mah, ngurilingan taman, terus mulang.Di hareupeun imahna leumpang rerencepan da kadéngé budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku lanceukna. Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan budak téh sonagar.
Kang Sabri teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur heureuy, panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”. Angkanan mah budak téh rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…” tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina hayang heureuy jeung budak téh jadi ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu ngajawab, ngan budak wé nelenjeng ngagabrug ka indungna.
Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah ragana, gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil, ngaguluyur teuing kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka dirina, naon atuh onyét téh.
Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk guramé, aya kuéh jeung cocooan.
Di imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak, kitu wé maca Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké sarung leutik jeung dipéci bodas. Pantes budak téh jeung kasép deuih.
Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana mah cul wé nambru di tengah imah.
Bi Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé dokoh, pokna gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun pisan, supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan waktuna magrib.
Geus kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus ngadongéng, tara lila paling gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh monyét jeung kuya. Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak mani émprak, atoh sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya, monyét nginjeum suling tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui.
Cék Bi Amah “Tah urang mah teu kénging siga onyét, teu kenging hawek, teu kenging cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh haram, komo upami mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”.
Celengkeung téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.
Lanceuk-lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.
Peutingna sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan pamajikanana.
“Kang urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci bersih kénéh, boa urang nu kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan boh saur agama boh darigama”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar